Pihatur


Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah SWT anu parantos maparinan rohmah sareng hidayah-Nya ka urang sadara. Kalayan pituduh sinareng karidoan manten-Na, ieu blog nu dijudulan Pinter Basa Sunda pikeun Murid SD, tos tiasa kapidangkeun dina pedalan nu munggaran.

Eusi sareng materina ieu buku, satékah pola diluyukeun sareng GBPP Muatan Lokal Basa Sunda Tahun 1994, anu  dikaluarkeun ku Departeman Pendidikan dan Kebudayaan, Kantor Wilayah Jawa Barat. Dina pedaranana, unggal pangajaran ngahaja diluyukeun kana tema nu jejerna henteu leupas tina tema anu poko, malah mangrupa pameungkeut atawa pamungkus keur unggal téma.

Unggal bacaan anu kapidangkeun ditarekahan supados gampil kahartos ku murid. Sajabi ti eta, jejer carita dina unggal bacaan luyu sareng tema anu bade dipedar. Kanggo ngabeungharan kecap, dina ungal bacaan ngahaja digunakeun sababaraha kecap anu anyar. dina unggal tung-tung bacaan disayagikeun "Kamus Alit, maksudna pikeun ngagampilkeun para murid anu nembe diajar basa sunda. Utamina mah dina perkawis ngahartoskeun kecap Sunda kana kecap Indonesia.

Kalih ti eta, ieu buku teh miharep supados para murid sanes ngan ukur maher basana wungkul, tapi langkung ti eta supados para murid maher ngagunakeun basa sunda dina sididintenna.

Pamugi ieu buku tiasa ngabantos sareng janten pengdeudeul kanggo Bapa/Ibu Guru, dina enggoning ngatik tur ngembangkeun basa Sunda.

Pamungkasna, sok sanaos ieu buku disarungsum tur dibeberes satekah polah, nanging tingantos seusur kakiranganana. Kumargi kitu, pangrojong sareng panggeuing ti sadayana kalintang diantos-antosna.

Hatur Nuhun


Posting Komentar untuk "Pihatur"