Réréongan Ngawangun Jambatan



Warga désa Sukasari sok ngarasa hoream mun rek indit digawé ka kota. "Duh Gusti, mugi-mugi walungan henteu banjir," kitu harepan warga désa unggal arek indit digawé ka kota dina usum hujan. Mun walungan banjir, loba warga nu maksakeun ngojay sangkan bisa meuntas.

Pasualan banjir Walungan Citamba tur kasusah warga désa lantaran héséna meuntas sabenerna mah geus lila jadi pamikiran para pamong désa Sukasari sarta aya niat ngawangun jambatan pameuntasan. ngan nya éta niatna teh teu kungsi ngawujud, lantaran ku teu ayana waragad téa.

Sawatara waktu, kahirupan warga désa aya kamajuan, utamana dna widang ékonomi. Ku kamajuan ékonomi warga, Pa Kuwu aya maksud ngalaksanakeun niatna nya éta ngawujudkeun hiji jambatan anu bisa ngahubungkeun désana jeung kota. 

Dina waktu nu geus ditangtukeun, warga désa daratang ka balé désa nyumponan uleman Pa Kuwu pikeun ngabadamikeun rarancang pangwangunan jambatgan Walungan Citamba.

"Bapa-bapa, urang sadaya tangtos ngaraos bingah saupamina hubungan désa urang ka kota lancar," kitu cariosan Pa Kuwu ngamimitian cumarios sapartosna ngadugikeun salam sareng ngahaturkeun nuhun ka warga anu parantos dongkap ka balé désa.

Pa Kuwu neraskeun cariosan anu eusina ngajéntrékeun mangpaat ayana jambatan. Saparantos tanya jawab kalayan dibadamikeun sacara panjang lebar, ahirna mah sakabéh warga saluyu pikeun ngawangun jambatan ku cara réréongan. Sakabéh warga sadia nymbangkeun boh duitna boh tanagana.

Dibarengan ku sumanget réréongan, dina waktu anu henteu lila, waragad anu digadangkeun téh geus nyukupan.

Dina poé Minggu kahiji bulan Juli 1997, pangwangunan jambatan téh dimimitian. Sakabéh warga désa Sukasari milu icikibung, aya nu digawé di tempat, aya nu ngangkutan bahan bangunan, ogé henteu katinggaleun ibu-ibu jeung rumaja putri sibuk nyadiakeun cai jeung dahareun ani digarawé.


Posting Komentar untuk " Réréongan Ngawangun Jambatan"